• Selamat Datang !

    carita pondok basa sunda


    Cinta Katalis

    “bukk !!” . jiga kitu lah sorana lamun di film film . kuring ngajerit, bari nyekel pipi anu bereum. kuring teu kuat, tuluy lalaunan ngalengkah ka tukang  ...
    “bukk !!” . bengeut kuring beunang na tangkal ..  anu ieu leuwih nyeri rasana. Beungeut  getihan. kuring ngarasa jiga rek maot .
    Tenggeulan eta tutuluyan we beunang kana pundak jeung beteung kuring . Ya Allah Gusti Nu Agung, asa teu kuat pisan nahan cobaan ieu teh . sakalina eta, kuring labuh ka taneuh bari ditenggeul na bengeut . awak teh pinuh we ku kebul jeung getih . tapi jigana si eta can puas wae . nyarekan we bari nyekel kerah baju kuring . panonna teh bereum pisan, aya rasa dendam anu karasa  . kuring diangkat kaluhur. sanajan kitu, kuring ngagorowok bari menta maaf ,jeung janji moal ngulang deui masalah eta . sanggeus eta, kuring dibalangkeun  ka taneuh.
    “ heh, lamun maneh ngaganggu kabogoh aing deui, ku aing dipaehan siah! “ ceuk si eta . sorana teh tarik pisan, dekeut pisan jeung ceuli kuring.
    “ kade we, mun sakali deui  “ ceuk babaturana nembalan . kuring teu ngajawab . asa lieur pisan, jeung hese rek usik oge, nyareri awak .
    Tah kadituna mah teu apal deui maranehna ngomong naon. Kuring ngan ngadenge we suara jelema bangsat eta ngaharewos . tuluy we kuring teu sadar deui .
    --------------
    Ayeuna teh jam 17.30 . bari ngusap panon, kuring hudang ti pingsan. Bengeut karasa teu pararuguh rupana, jeung loba getih deui . awak teh asa pasiksak, rek pararotong. Pipikiran teh asa teu puguh keur aya dimana, nu matak panon jeung awak teu pararuguh rarasaan .
    Kuring baik ka imah . kebeneran eweuh sasaha, tuluy we kuring ka kamar . bari lalaunan, kuring ngagolerkeun awak na kasur . “ Hmmhhh .... “ kuring ngarengkap panjang . asa hayang mohokeun kajadian poe ayeuna . tapi angger weh kanyeri mah karasa, nyeri awak jeung nyeri hate ...

    -----------------

             

    Manehna teh Ridwan, murid anu katelah pangkasepna di kelas. Eta oge ngan meunang beja ti barudak IPA, anu dipinuhan ku awewe geulis, anu hanjakal balalangor. Kuring mah biasa weh . anu ngabedakeun mah, manehna beunghar, ai kuring mah basajan .
    Tapi, ayeuna mah beda. Rani, nu nyieun kuring jadi jiga kieu. Sakabehna dimimitian ku palajaran Kimia kamari. Palajaran basa eta ngabahas KATALIS, nya eta zat anu ngagancangkeun reaksi jeung nurunkeun energi aktivasi. Alusna teh, gambaranana dijieun beda ku guru kuring . Katalis didieu teh diumpamakeun ‘mak comblang’, anu bisa ngagancangkeun papanggihna dua hate, anu silih pikaresep jeung pikanyaah. Basa eta, anu diumpamakeun pikeun zat utama nyaeta Ridwan, nu jadi pereaksina diumpamakeun Rani, jeung kuring jadi katalisna. Ridwan bungah pisan. Tungtungna, disebut we prosesna teh jiga kieu ...

    Ridwan + Rani à bobogohan
    = Reaksina lila





    Tapi lamun make katalis, prosesna jadi leuwih gancang. Kusabab diibaratkeun jiga ‘mak comblang’, anu puguhan ngagancangkeun proses bobogohanna. Jadi si reaksina teh jiga kieu ...

    Ridwan & katalis à Ridwan & K
    Ridwan & K + Rani  à bogoh & K
    Ridwan + Rani à bobogohan
    = Reaksina gancang


     




                                                                                                     
    Tah, lamun diibaratkeun jiga kitu, palajaran Kimia asa jadi leuwih gampang. Anu salila ieu, ku kuring teh dianggap palajaran naraka, geningan jadi leuwih rame. Ridwan anu resep ka Rani, harita teh sumanget diajar Kimia, ditambah deui Rani anu gumeulis. Kuring jadi cengar cengir, lain pedah ningali maranehna bungah, tapi kusabab resep jeung bungah oge ningali senyum Rani. Geningan, kuring teh boga rasa ka Rani salila ieu.

    Saprak eta, Ridwan kawas hayam kaduruk buntutna. Manehna bener bener ngajadikeun kuring ‘katalis’. Teu lila pipikir kuring teh, kusabab aya duit anu jadi batina.
    Unggal poe karasa gancang. Kuring beuki mindeng smsan jeung si Rani. Unggal sms nu asup ka si jagur, hape kuring, nu nyieun rasa kanyaah ka manehna teh beuki loba. Sanajan kuring ngajalankeun amanah ti Ridwan yen manehna bogoh ka Rani, tapi hate asa teu kawasa, ngaruksak cinta ‘katalis’ ieu ...
    -----------------
    Basa malam minggu harita, kuring geus teu kawasa nendeun ieu rasa. Ku kuring dimimitian ku sms anu lumayan nyeredet hate, tuluy kuring nyatakeun ka manehna.
    Tapi eta teh salah. Sigana mah kanyeri datang ngadekeutan kuring. Pek teh, manehna geus jadi kabogohna si Ridwan ! karek sajam ka tukang, deui ! ngadadak kuring reuwas, beuki reuwas ku bentar anu datang harita oge ... peuting eta girimis. Hate kuring ge asa girimis ...
    ----------------
    Smsna teu gancang dihapus. Aya kecap nu endah, dibalik kanyeri eta. Kulantaran manehna oge boga hate ka kuring. Sanggeus rada lila, manehna ge ngajaran ngabagi hate ka kuring jeung Ridwan. Tapi sialna teh, kuring kapiheulaan. Ridwan geus meunangkeun hate si Rani.
    -----------------
    Asa nyeri di hate teh, ningali manehna isuk isuk pacekel leungeun, ngaliwatan gerbang sakola. Sirah kuring asa lieur, jeung hate teh asa kacacag. Tembalan si Ridwan teu diwaro ku kuring. Manehna ge reuwaseun, tuluy nanyakeun aya naon, tapi kuring teu ngajawab. Jempe sarebu basa kuring jadina, tepi balik ti sakola.
    Beurang eta teh, nasib kuring asa goreng mimilikan. Balik ngaliwatan jalan anu jarang diliwatan ku batur. Tengteuingeun, kuring asa rek indit ka kahyangan nu lain, anu jauh pisan ...
    Kuring reuwas, ningali Ridwan jeung Rendy, nyegat kuring di sisi jalan. “ aya naon ieu ?, “ kuring ngagorowok. Kuring dibawa ka leuweung, tuluy dimulai penyiksaan eta ...
    --------------------



    Pek teh, sagala masalah ieu teh kusabab Ridwan anu geus maca sms anu kuring kirimkeun ka Rani. Manehna ngambek. Rani teh mere kajelasan ka Ridwan, timimiti tepi ka rengse, tapi kaduhungna, baturan kuring teh geus teu bisa nahan ambekna, kulantaran manehna ngarasa yen amanah ti manehna teh disalahgunakeun ku kuring. Ngabudah manehna harita, bereum ambek beungeutna.. “ paingan weh, si eta teu ngawaro aing ! kade siah, ku aing diteangan ayeuna .. “ . Rani teh reuwas pisan. Rek mere pengertian, tapi si Ridwan teh teu ngawaro deui ...
    --------------------
    Ngarasa kaduhung deui eta teh. Si jagur hape kuring tuluy we dialungkeun ka tembok. Nyeri hate, pas apal jalan caritana kajadian eta ti si Rani ... Rani mah biasa we menta maaf. Tapi kuring teu kawasa deui nahan ieu .. Biru deui saawak awak teu bisa nanaonan. Diluar girimis keneh, tiris pisan ..
    Geus lah, ku aing piceun weh ingetan ti harita tepi ka ayeuna. Bari jeung hese, kuring ngahurungkeun komputer, neangan lagu anu sarua jeung karasa hate.
    ---------------------
    Lalaunan, eta lagu asa nyoekkeun hate. Lamun balik deui mikirkeun manehna, mereun manehna teh keur bungah pisan ayeuna . Teuing lah, kuring beuki leungit kawasa ka diri. Suudzhon kuring teh, yen Rani milih Ridwan kusabab Ridwan teh kandel ku duit. Tuluy kuring nyadar, yen kuring teh lain sasaha. Ridwan kasep, Rani geulis, sajodoh lah maranehna teh.
    Hah ! kajeun teuing jiga kieu, kuring ge butuh cinta. Cinta anu sajati ... mereun lain ayeuna waktuna..




    By :
    Miftahul Fikri

    2 komentar:

    1. ndx ngerti...
      terjemahin dunk...

      Pandu Hartanto.

      BalasHapus
    2. hhahahaha ... ini mah cerpen sunda brow . tugas . iseng iseng dimasukin blog , hhehe

      BalasHapus